MAS RIDJI

Mas Ridji | Blog tentang totorial dan informasi

Thursday, November 15, 2018

Pepatah dan Kata Bijak Bahasa Sunda


Pepatah dan kata bijak bahasa sunda


Ulah ngeluh tina nalika urang ngajalakeun
kahirupan ieu. Gusti allah atos masihan
naon anu atos ku urang boga ayena.
Lakukeun anu paling alus dina kahirupan
ieu, ka anu naon nu ku urang boga ayena.


Ulah itung baraha kali jalmi nyenyeuri
jeung ninggakeun anjeun. Tapi itung
baraha kali anjeun nyenyeuri jeung
ninggalkeun gusti allah, tapi anjeuna
henteu pernah mungkin ninggalkeun
anjeun.


Fitnah awalna tina ngaduga-duga, ulah
mikir jore jeung nyangka lamun teu acan
yakin kana kabeneran nana anu aya.
Lamun hirup urang pinuh ku ka maaf, eta
mangrupakeun jalan pikeun urang
neangan kalapangan jeung kadamaian
dina kahirupan.


Gusti allah moal pernah nyicingkeun
urang aya dina masalah-masalah anu
terus-terusan lila. Anjeuna ngan hayang
urang supaya bisa di ajar tina masalah,
percanten!


Ulah mikir urang "RAGAG" kana masalah
anu tos dipasihan ku gusti allah. Sabab,
sabenerna allah ngan hayang supaya
urang bisa diajar "NANGTUNG".


Awalan poe ayena make semanget jeung
harapan urang nu sae, supaya sapanjang
poe-poe urang pinuh ku kabagjaan.


Ulah pernah nunda-nunda menta maaf.
Menta maaf ayena bakal menang
kabagjaan isukan nana.


Harta moal permah beak lantaran urang
masihkeun sabagian nana, harta bisa
nambah ku sabab urang bisa sadekah.


Masalah anu tos kajadian urang kudu
teras sabar, karna sakabehna engkin pasti
aya alesan nana. Gusti allah anu nyaho
naon anu paling alus pikeun urang.


Lamun urang merhatikeun jeung lewih
paduli ka jalmi anu sejen. Gusti allah pasti
ngutus jalmi laina anu bisa paduli engkin
na ka urang.


Kahade ulah ngasal ngomong, sabab
omongan nu ku urang ucapkeun bisa
nyenyeuri jalmi anu sejen.


Ulah kesel jeung terus-terusan ngarasa
sedih, sabot masalah nu datang ka urang.
Sabab lamun terus-terusan sedih kana
masalah, bisa ngahambat urang pikeun
neangan ka sempurnaan engkina.


Jadikeun masalah pikeun cara urang
diajar supaya kualitas hirup urang jadi
alus. Gunakeun hate urang pikeun
ngarasakeun jeung mahaman hiji hal.
Sabab, jore diluar henteu tangtu jore di
jero na.


Terus ngarasa sukur ka gusti allah sabab
hirup mah lain teras di ajar nangtung, tapi
kumaha carana urang bisa terus hudang
lamun urang ragag.
Lamun urang ngarasa ragu-ragu,
kuatkeun iman urang jeung kayakinan
urang. Kaimanan jeung kayakinan
mangrupakeun hal anu paling sae pikeun
kahirupan nu kedah aya di diri urang
masing-masing.


Sabot gusti allah masihan cobaan ka
urang, anjeuna terang yen urang pasti
bisa ngalewatan nana. Emang aya
nyeyeuri di jerona, tapi percanten eta bisa
nyien urang jadi lewih kuat engkina.


Cobaan tina ngajalankeun kahirupan ieu
mangrupakeun misteri jeung alesan
pikeun urang, supaya ulah eren jeung
ngarasa nyerah, terus ngalengkah
ngalewatan cobaan anu aya.


Jalmi-jalmi anu bisa ngajaga lisanna tina
omongan anu bisa nyenyeuri perasaan
jalmi sejen, niscaya hatena pasti dijaga
tina rasa nyeuri jeung derita ku gusti allah.


Lamun masalah datang ngahadang, ulah
teras ngarasa sebel ka gusti allah, tapi
urang kedah boga pikiran yen gusti allah
teh karunya ka urang. Sabab, allah ngan
hayang nguji ka imanan jeung ka sabaran
urang sadaya.


Diajar ngahargaan diri urang sorangan,
sabab sakabehna aya tujuan tina
kahirupan ieu. Kasalahan mangrupakeun
cara gusti supaya urang bisa lewih kuat
jeung bijak engkena.


Ulah kedah gampang nyerah, margi
saleresna anjeun moal kantos eleh
sateuacan anjeun nyerah!


Musuh anu paling bahaya nu aya di diri
urang nyaeta rasa sieun jeung rasa
bingbang. Rerencangan anu paling satia
nyaeta kawanian jeung kayakinan!


Kagagalan di mangsa nu kaliwat
mangrupa keun plajaran anu ageung anu
engkena bakal jadi buah nyeta
kasuksesan. Urang kedah diajar seueur ti
kagagalan, urang tiasa barobah jadi
makin pinter, sabab urang pernah gagal.


Ulah jien kagagalan nyandak sakabeh
impieun anjeun kanggo terus diajar! Ngan
jalmi-jalmi anu bodo anu terus ngulan-
ngulang kalepatan na dua kali.


Hirup nyaeta diajar naon anu bisa di
tingali sarta di rasakeun. Ngaliwatan
proses anu panjang, hayu urang sami-
sami ngarubah diri urang masing-masing,
supaya bisa jadi pribadi anu lewih boga
potensi!


Lamun anjeun hoyong kabungahan
mangkat sare beurang. Lamun anjeun
hoyong kabagjaan bantuan jalma nu
sejen.


Di bandingkeun mikiran omongan batur,
mendingan urang usaha meakeun wartos
pikeun ngawujudkeun impieun urang,
supaya batur bisa ngarasa kagum ka
urang.


Kalepatan jeung kasalahan perkawisna
hal anu paling sesah nu aya dina hirup
urang. Anjeun bisa labuh sarta ragag
rebuan kali. Nanging hirup henteu eureun
tepi dieu. Candak jeung cobi neruskeun
dugi anjeun bisa ngagapai impieun dina
hirup ieu.


Usahakeun wartos dimangsa ayena
samaksimal mungkin, supaya engkena
urang henteu nyesel.


Lawan hirup ieu, ulah ngarasa nyesel
kanu mangsa nu tos kaliwat, ngarasa
sieun ka mangsa anu aya dihareupeun.
Nangtung sing kuat, tingali dunya ieu,
seueur keneh perkawis hal anu endah
diluar ditu, ulah ngonci diri anjeun
sorangan, rubah mulai ti ayena keneh!


Lamun urang hoyong paduli ka batur,
mimitian heula ngalatih paduli ka diri
sorangan. Hargaan diri anjeun sorangan
sepertos anjeun ngahargaan jalmi anu
anjeun nyaah!


Kagagalan nyaeta sepertos saurang guru
anu henteu anjeun reseup, nanging lamun
anjeun hoyong sukses, anjeun kedah
diajar ti manehna!


Ulah sakali-kali ngedalkeun wilujeng
kantun lamun anjeun hoyong keneh
nyobian. Ulah sakali-kali nyerah lamun
anjeun rumaos masih keneh ngarasa
sanggup!


Sateu acan urang ngeluh ku sabab
ngarasa teu boga nanaon, coba pikir keun
ka jalmi-jalmi nu sok menta-menta di
jalanan.


Dinten ieu, sateu acan urang nyesel
naroskeun omongan anu kurang sae, cobi
pikir keun ka salah sahiji jalma anu teu
tiasa naros sama sekali.


Seteu acan urang ngeluh ka ka-emaman
nu rek ku urang emam, coba pikir keun ka
marenehana, jalmi-jalmi anu teu pernah
boga ka emamam pikeun di emam.


Sateu acan urang ngeluh ku sabab
ngarasa diri paling buruk, cobi pikir keun
ka jalmi-jalmi anu aya ditingkat paling
buruk dina kahirupana.


Sateu acan urang ngeluh ka pamajikan
atawa salaki urang, cobi pikir keun ka
jalmi-jalmi anu terus-terusan mohon
menta jodo ka gusti alloh.


Saencan urang ngeluh ka imah urang anu
kotor, ku sabab teu aya pembantu nu nga-
bersihkeuna. Cobi pikir keun ka jalmi-jalmi
anu hirup di jalanan nu cicing di gubug.


Poe ieu, sateu acan urang ngeluh ka
kahirupan anu keur dijalan ayena. Pikir
keun ka jalmi anu tos pupus tihela, yen
pahahal umurna lewih ngora ti urang.


Sateu acan urang ngarasa ngeluh ka
bararudak (anak-anak) urang, pikir keun
ka jalmi anu mandul, nu hoyong pisan
bogaeun anak.


Sateu acan urang nunjukeun panangan
jeung terus-terusan nyalahkeun diri
sorangan. Cobi inget! Yen teu aya jalmi
saurang oge, anu luput tina kasalahan
atawa dosa.


Seteu acan urang ngarasa cape jeung
ngarasa ngeluh ka pagawean anu keur ku
urang lakukeun, cobi pikirkeun ka
marenehana nu nganggur, jalmi-jalmi nu
cacat, nu ngahareupkeun boga pagawean
siga urang.


Tong ereun neangan elmu salagi roh
napel dina diri, Sabab hirupna jalma aya
dina akalna.


Akhlak anu mulia jadi gambaran kana
bersihna hate, akhlak anu goreng
nandakeun kotorna eusi hate.


Lamun eweuh jalma nu ngahargaan kana
diri anjeun, maka hargaan diri anjeun ku
diri anjeun ku jalan nembongkeun akhlak
anu mulya tur manfaat pikeun salarea.


Dunya teh tempat urang pepelakan
sedengkeun akherat tempat urang manen
naon anu di pelak salila di alamdunya.


Melak jagong moal jadi bonteng, nyakitu
deui melak bonteng moal jadi jagong.


Salametkeun diri tina kamiskinan jeung
kafakiran ku jalan qona’at (ngalap cukup
kunu aya).


Can pernah kacaritakeun aya rizki pahili,
sing sabar bari di barengan ku tawakal ka
Alloh Swt da mun gs nincak dina waktuna
mah perkara nu hese jd gampang.


Hiji jalma can bisa di sebut jalma
lamunmah akal sehat masih di
kendalikeun keneh ku nafsu. Kendalikeun
nafsu ku akal sehat anjeun sabab akal
sehat anu aya dina diri manusia
mangrupakeun ciri nu matak
ngabedakeun antara manusia jeung sato.


Jadikeun kahirupan di alam dunia kaya-
kaya keur ngumbara atawa ngaliwat dina
hiji jalan.


Tong leumpang dina hayang, tong cicing
dina embung, Tapi kudu leumpang dina
kudu jeung kudu ereun dina ulah.
Sagede-gedena jalan Syare’at, ulah matak
ngurangan diri kana tawakal ka Allah.


Ulah ereun neangan sobat, sabab sarebu
sobat saeutik teuing jeung hiji musuh loba
teuing.


Ulah embung di sebut bodo, ulah embung
disebut sahandapeun.

Baca Juga :


Sanajan teu lumpat, tapi ulah cicing.


Lamun hayang maju, ulah ereun mikir.


Ulah nyalahkeun batur kana perkara nu
tumiba kadiri, sabab sagala anu tumiba
kadiri gara-gara diri.


Rasa diri hayang di pikarunya ku batur,
mangrupakeun salah sahiji polah nu
matak ngahinakeun kana diri.


Salila masih aya keneh haneutna
suasana, rasa kasepian moal deui karasa.
Salila aya keneh seuri anu marahmay,
kabagjaan pasti terus ka rasa. Salila aya
keneh kabeneran, arah hirup pasti terus ka
jaga.
Lamun masalah kahirupan mantak nyien
cape urang. Pohokeun rasa hariwang dina
jero hate eta, kuatkeun lengkah mulai ti
ayena, sabab dinten poe-poe lain masih
aya jeung masih panjang keneh.


Ukur kamampuan diri urang sorangan,
sapertos na namun manggul ngaleuwihan
kakuatan mangka bisa potong. Jadi ku
kitu, pigawe hiji hal anu sasuai dina
pangabisa atawa kamampuan diri urang
sorangan.


Kadang urang sering ngan ngitung
kahesean anu aya dina kahirupan ieu?
sanes kabagjaan nana.


Anjeun kedah tahan ka hileud, lamun
hoyong tiasa ningali kupu-kupu.


Basa urang keur ngora, gunakeun waktu
samaksimal mungkin, supaya engkena
urang henteu ngomong " cobana ngora
keneh "


Kahirupan nyaeta karunia ilahi, ku
lantaran kitu nikmati wae. Ulah
disesalkeun mangsa anu kaliwat sarta
ngarasa sien, kana wartos anu bade ku
urang pikahareupan.
Tong eureun neangan elmu salila roh
masih napel keneh tina awak, sabab
hirupna jalma aya dina akalna


Lamun eweuh jalma nu ngahargaan diri
urang, maka hargaan diri urang ku urang
sorangan, ku jalan nembongkeun akhlak
anu mulya tur manfaat pikeun balarea.


Hiji jalma can bisa di sebut jalma, lamun
akal sehatna masih keneh di kendali keun
keneh ku hawa nafsu na. Kendalikeun
nafsu ku akal sehat urang, sabab akal
sehat anu aya dina diri manusa
mangrupakeun ciri nu mantak
ngabedakeun antara manusia jeung sato.


Sagede-gedena jalan syare’at, ulah matak
ngurangan diri kana tawakal ka gusti
allah.


Ulah eureun neangan babaturan, sabab
sarebu babaturan kurang, mun hiji musuh
ka lobaan.


Kabagjaan nyaeta milik manehna nu boga
impian jeung boga kawanian ajang usaha
pikeun ngawujudkeun jadi kanyataan.
Dengekeun suara hate urang sorangan,
laina suara hate jalma nu sejen, sabab nu
boga tanggung jawab tina nalika neangan
kabagjaan teh nyaeta diri urang sorangan.


Hirup lain saukur neangan hal anu bisa
nyien anjeun bahagja, tapi urang oge
kedah sadar naon wae anu nyien urang
sedih jeung wani ngajauhan nana.


Jadi keun hate supaya bisa tenang,
supaya urang bisa ngabahagia keun diri
urang sorangan jeung ngabahagiakeun
jalma anu sejen.


Kabagjaan bakal bisa dicekeul, lamun
urang bisa ngabebaskeun diri urang
sorangan dina kakawatiran anu
kalewihan.


Lamun urang teu bisa mohokeun
kasedihan baheula. Coba inget deui,
sabab kabagjaan anu sabenerna nyaeta
ayana dihareup, lain na di tukang.


Manehna anu jago carana syukur nyaeta
manehna anu nikmati kaendahan dunya
jeung arti kabagjaan hirup.


Tong di ijinan hal anu letik anu terjadi
ayena, ngarusak kabagjaan anjeun poe
ayena.


Ulah embung di sebut bodo, ulah embung
disebut sahandapeun. Sanajan urang teu
lumpat, tapi urang ulah cicing. Lamun
urang hayang maju, urang ulah ereun
mikir.


Tong leumpang dina hayang, tong cicing
dina embung, tapi kudu leumpang dina
kudu jeung kudu eureun dina ulah.


Ulah sok ngomong hirup ieu keras, eta
ngabuktikeun yen anjeun teh leumah...!!!!


Kamajuan Dunya kudu di barengan ku
motekar akal jeung langkah nu basajan,
langkah meureunah kahirupan barokah!.


Sing percaya kana diri, nu dianti pasti
ngawujud bukti, asal usaha jeung percaya
kanu maha Suci.


Aya kahayang bari jeng teu di bareungan
ku usahamah sarua jeung ngabodor.


Allah mah ngan saukur ngacumponan
kanu ngadu'a sareng nu ikhtiar.
Pagawean anu di laksanakeun kalayan
jeung hate pasti ngahasilkeun anu alus.


Ulah hayang nyerah tina kagagalan mah,
kagagalan oge teu daek nyerah
ngagagalkeun artanjeun.


Tong tungkul teuing ka akherat, tong
tangah teuing ka alam dunya.


Salila anjeun yakin moal aya anu
mustahil. kudu percanteun diri! Anjeun
langkung hebat ti anu anjeun pikirkeun.


Lain sabar namina lamun masih aya
batas na, lain ka ikhlasan namina lamun
masih keneh ngaharepkeun sersuatu.


“Sa’acan urang ngaraos cape sareng
ngarasa ngeluh kana pagawean nu keur
urang lakukeun, cobi pikirkeun heula ka
marenehana anu ngalanggur, jalmi-jalmi
anu cacat, anu ngahareupkeun
ngagaduhan pagawean siga urang.”


“Sateu acan arurang nunjukeun panangan
sareng terus nyalahkeun ka diri sorangan.
Cobi inget heula! Yen hanteu aya jalmi
saurang oge, nu luput tina sagala
kasalahan atanapi dosa.”


“Sa’acan urang ngarasakeun ngeluh ka
barudak (anak-anak) urang, pikirkeun
heula ka jalmi anu mandul, anu hoyong
pisan ngagaduhan anak.”


“Dinten ieu, sa’acan urang ngarasa ngeluh
ka kahirupan anu keur dijalan ayena. Pikir
keun ka jalmi nu atos pupus tipayun, yen
pahahal umurna teh lewih ngora ti urang.”


“Sateuacan urang ngeluh kana imah
arurang nu kotor, ku sabab henteu aya
pembantu nu nga-bersihkeunana. Cobi
pikir keun heula ka jalmi-jalmi nu hirup di
jalanan anu cicing dina saung.”


“Sateuacan urang ngaras ngeluh ka
pamajikan atanapi salaki, cobi pikir keun
heula ka jalmi-jalmi nu terus-terusan
ngareup menta jodo ka gusti Alloh.”


“Sa’acan urang ngeluh sabab ngarasa ka
diri sorangna paling buruk, cobi pikirkeun
heula ka jalmi-jalmi nu aya dina tingkat
paling buruk di kahirupana.”


“Se’acan urang ngeluh kana ka-emaman
anu bade ku urang tuang, cobi pikirkeun
ka marenehana, jalmi-jalmi anu henteu
pernah boga kadaharan pikeun di tuang.”

Baca Juga :



“Dina dinten ieu, sa’acan urang nyesel
naroskeun omongan nu kirang sae, cobi
dipikir keun heula ka salah sahiji jalmi nu
henteu tiasa naros pisan.”


“Entong sakali-kali ngedalkeun wilujeng
kantun lamun salira hoyong keneh
nyobian. Entong sakali-kali nyerah lamun
salira rumaos masih keneh aya rasa
sanggup!”


Zaman dahulu orang tua yang lahir di
tanah sunda mempunyai sebuah
beberapa nasihat yang mempunyai
berbagai makna.


“Hirup katungkulan ku umur, paeh henteu
apal dimangsa, matak rinik kulit harti,
cicing harti ngawincik diri, lamun nyaah
kana raga sing terang kana dasarna
agama.”


“Arurang teh bakal manggihan jeung poe
akhir, anu ngandung harti dinten
pamungkas, raga ditinggalkeun ku nyawa,
maot pingaraneunana. Kabeh bakal
digiring kurung keur kuring, bakal
dibulenan saeneng-enengna, bakal
ngagebleg deui jeung mantena.”


“Tunggul entong dirurud, catang entong
dirumpak, hirup katungkulan ku umur,
paeh henteu nyaho dimangsa. Sing emut
kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi
wekasan. Hartina sing apal ka diri
sorangan, asal timana? Cicingna dimana?
Balikna kamana?”


“Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay
laratan nu baheula, nitih wanci nu kamari,
ninggang waktu nu sampurna. Sanajan
urang bareda tapi sarua, sanajan henteu
ngahiji tapi sa’ati, milari ridho gusti anu
sajati.”


“Hirup di alam dunya sembaheun anging
gusti nu kagungan urang sadaya, nu
ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka
jeung sagala eusina.”


“Kateter ku basa, kalangsu ku mangsa,
katinggaleun poe, nyasab dina waktu,
ayeuna, isukan jeung kamari, kahiji niat
na diri, mikaharep, ngapimilik nu sajati.”


“dimana-mana hurung nangtung siang
leumpang, caangna jalan, lugina hate,
kakait ati nu sajati, gagantar rasa nu
sampurna, nun gusti .. Teupangkeun abdi
sareng manehna, meureun sabab aya
rasa, rasa bagja nu sampurna salamina.”


“Zaman ayeuna mah nu dakwah kari
pertentangna, nu ngaji kari hariringna, tapi
kajahatan kalakah beuki meuweuh.”


“Bisi aya elmu anu kasungkur-sungkur,
pangabisa anu acan ka talaah, ajian anu
kasingkir-singkir, geura taluktik ti ayeuna,
geura kotektak ti kiwari.”


“Dedeg sampe, rupana hade, patut henteu
nganjuk, rupa henteu menta, naha
kalakuan henteu beda ti euwah-euwah?


“Lamun jeung dulur mah keur jauh silih
tepungan, keur anggang silih teangan,
keur gering silih ubaran, paeh silih
lasanan, lamun salah silih benerkeun,
poekeun kudu silih caangan, lamun poho
kudu silih bejaan.”


“Ari sabar teh lain ditampiling kalakah
cicing, ditajong kalah morongkol, digebug
jadi murungkut.”


“Geura menta hampura ka anu jadi bapa,
geura menta ampun ka anu jadi indung,
kusabab duanana pangeran urang di
dunya.”


“Ampun ka nu maha agung, nu
ngagaduhan kun fayakun, jleg ngadeg
sakur kersa-na, bral gumelar kawasa-na.”


“lamun dua orang ditakdirkeun
babarengan, pasti tina bagean daerah
dunya mana wae bakal di tepangkeun.”


“lain kasabaran lamun masih keneh boga
batas, lain kaikhlasan lamun masih
ngarasakeun nyeri.”


“pamudah-mudahan dinteun iyeu Alloh
gampilkeun sagala urusan,
ngalapangkeun hate sareng
hampangkeun lengkah arurang dina
sagala rupi kasaean.”


“saat anu paling deukeut dina mhklkuk
sareng Rabb nyaeta nalika manena sujud.
Tangtu lobakeun doa”


“Gusti Alloh bakal nolongan ka hiji hamba,
lamun eta hambana osok nolongan ka
hamba/saudara muslim lainna.


“diajar kudu ngahargaan diri ka urang
sorangan, kusabab kabehna aya tujuan
tina kahirupan. Kasalahan nyaeta cara
gusti supados urang tiasa langkung kuat
jeung bijak engkena.”


“lamun aya masalah datang ngahadang,
entong teras ngarasa kesel ka gusti allah,
tapi urang kedah ngagaduhan pikiran yen
gusti allah teh nyaeta karunya ka urang.
Kusabab, allah ngan nguji ka imanan
sareng ka sabaran urang sadaya.”


“jalmi-jalmi nu tiasa ngajaga lisan tina
omongan nu tiasa nyenyeuri hate jalmi
sejen, niscaya hatena pasti bakal dijaga
tina rasa nyeuri jeung darita ku gusti
allah.”


“cobaan dina ngajalankeun kahirupan
iyeu ngarupakeun hiji misteri jeung alesan
pikeun urang, supados ulah eren jeung
ngarasa nyerah, terus ngalengkah
ngalewatan cobaan nu aya.”


Sabot kugusti allah masihan cobaan ka
abdi, anjeuna terang yen urang teh pasti
bisa ngalewatan nana. Emang aya rasa
nyeyeuri di jerona, tapi percanten eta teh
tiasa nyien urang janten lewih kuat
engkinna.


“lamun urang nagraos ragu-ragu,
kuatkeun iman arurang sareng kayakinan
urang. Kaimanan sareng kayakinan
ngarupakeun hal nu paling sae pikeun
kahirupan anu kedah aya dina diri urang
masing-masing.”


Sakumaha Beratna Pagawean Bakal
Hampang Lamun Heunteu Dipikagawean


Cita-Cita Nyaeta Hak Pikeun Kabeh
Manusia, Sing Keyeung Kana Naon Nu Di
Tuju Tangtu Pareng Nu Di Tujuna


Upami Ningali Kembang, Kacipta
Manehna Ngalangkang


Diajar Sabar Teh Hese Da Lamun Sabar
Babari Mah Moal Beut Aya Manusa Anu
Cicing Dina Kasangsaraan


Aya Kasusah Dina Hiji Urusan Kupedah
Ayana Kagampilan. Ulah Di Tempo
Kasusahna Tapi Tempo Mah Jalan
Kaluarna Ngarah Temu Jeung Bagjana


Hirup Ekeur Paeh Bakal SIng Yakin Kana
Takdir Ti Pangeran Jeung Ulah Hariwang
Teu Dimilikan Da Jangjina Pangeranmah
Yakin Moal Sulaya Beda Jeung Jangjina
Manusa


Ulah Ngarasa Diri Urang Teu Boga Salah,
Terus Nyalahkeun Batur


Kasetiaan Kudu Aya Pengorbanan. Nya
Wajar We Atuh Lur Ari Hayang Setia Mah


Gagal Can Tangtu Moal Berhasil, Tapi Ka
Gagalan Nu Bakal Nunjukeun Urang Bakal
Berhasil


"Hirup iéu kédah dimimitian ku kalawan
du'a sarta ditutup ku rasa sukur"


"Urang miskin lain sabot téu ngagaduhan
harta, nanging sabot urang atos
kaleungitan mikacinta tina keluargi"


"Dina mikacinta, lamun aya hiji pérkawis
anu léupat, ménding dipilarian jalan
kanggo ngabenérkeunana, tibatan sibuk
milarian saha baé anu kédah di
salahkéun"


"Ulah siéun mikacinta, ku sabab kantos
ngarasa gagal, aya hiji jalmi diluaran ditu
anu naros, sepertos kumaha rasana
dimikacinta ku salira?"
"Ulah ngarasa nalangsa kusabab ngarasa
sorangan. Tingali bulan, anjeunna ogé
sorangan nanging anggéur katémbong
masihan cahyana."


"Pilih hiji pérkawis anu saluyu kana haté
salira, sanajan kaayaan hentéu mihak ka
salira, yakin! kaayaan tangtos tiasa robah
lamun salira tiasa ikhlas dina jéro haté."


"Reréncangan éta sapértos bulan, onggal
wéungi anu poék cahyana tetéup
nyaangan urang. Cacak manéhana jarang
dongkap, nanging manéhana téuras aya."


"Satéuacan masihan naséhat dina
cariosan salira, pasihan maranehanana
naséhat ku sikép salira."


"Napsu nyaéta hiji pérkawis anu mipiboga
sipat saméntara nu lewih langkung
diresépan, tibatan perkawis-perkawis anu
langgéng."


"Salira rumaos ngarasa léuwih hadé,
sanés sabot sadaya masalahna tos
rengse, nanging sabot salira euréun
ngahawatirkéun masalah salira"

"Jalmi tiasa suksés, margi gaduh seuéur
cara. Sedéngkeun jalmi anu gagal, margi
anjeunna gaduh seuéur téuing alésan."


"Sakali salira nyarios hentéu tiasa.
Mangka, didinya oge salira kaléungitan
kasempétan kanggo tiasa."


"Lamun salira mikahayang hiji pérkawis
anu téuacan kantos salira mipiboga,
mansgka salira kédah ngalakukéun hiji
perkawis, anu téuacan kantos salira
pigawean."


"Ulah lalajoanéun kéun rasa pikasédih
urang, sabab urang moal kantos téurang,
yén aya salah sahiji jalmi nu tiasa bungah
lantaran ningali mésem urang."

Baca Juga :

No comments:

Post a Comment

Adbox